Lirik Lagu dari Album Perdana Sapta Lampah

Sekarang akan kami share lirik lagu dari Album Perdana kami, silahkan :D


Katangtuan

By.DV.ms

Titis tulis tihyang widi
Kudrat tinu Maha Kawasa
Sukma ngancik naraga
Gumulung natangtung ngahijina diri

Sora jengrenghapna napas
Kedal lisan jadi ucap
Usik jeung malik ngawujud hirup
Bukti wening asihna gusti

Paneuteup nyawang sabudereun nukasawang
Ngalengkah napak najagat
Kakenca katuhuna manusa teu ngaboga-boga
anging Allah nukangungan

masing surti mangka eling
ulah kajonjonan teuing
hirup katungkul kupati
dihin pinasti anyar pinanggih



Katumbiri

By : DV-


Atra endah dina teuteupan
Rupa-rupa warna pulas saheab
Tembong antara langit jeung bumi
Duh,,,antara langit jeung bumi

Tuh melengkung diluhur gunung
Katinggali nutug kana leuwi
Sugan sigabentang kabeurangan
Duh…panasaran rek di teang

Digunung suwung
Dileuwi teu ngabukti
Sarandeg lengkah
Hate teu weleh tumanya

Nya kamana neang
Nulungsur ngilu mandi
Widadari ti kahiyangan
Widadari ti kahiyangan

Teungteuingeun indit teupamit
Geus di cipta teupang tianggalna
Tapi gening katumbiri,,
Duh…naha henteu lana nganjang…


Kisah Luka

By: DV


Sungguh ku tak mengerti
Akan semua harapan yang kau beri
Disaat cintaku terlanjur tumbuh
Tapi mengapa kau pergi
Tanpa jawaban pasti

Haruskah kumenangis
Tuk hapuskan luka
Atau kah kubiarkan
Luka hati ini..

Haruskah kuhindari
Tuk lupakan smua
Atau kah kurelakan
Sgala yang tlah terjadi

Usai sudah,,
Harapan pun tlah musnah
Usai sudah
Semua ini berakhir..

Kusadari
Bagimu ku tak berarti                 2X
Dan kusadari
Kau hadir hanya untuk menyakiti..


Kalakay Bulan

By : Dv.ms
Asa sapanyeupahan
Ngabandungan hiji lalakon
Nitenan kajadian
Di dunya estu teulila robahna
Poek indit pamit
Bagea caang datang
Mamareng kadangdarat
Sumawona teu lana pisah
Tuh kalakay bulan
Kuanteng gelar ngalayang
Rek nyaangan beurang
Susuganan caangna endah lir katinggali peuting
Nya kalakay bulan
Teu bisa nyaangan beurang
Tangtuna eleh caang ku srangenge
Nupuguh miboga pancen
Wayahna berangmah
Lain keur caangna bulan
Sok komo bulan tinggal kalakay
Ulah boga rasa pang endahna


Katresna Hujan Harepan

By: Dv.ms
Hanas ludeung nanceb keun tineung
Ngarasa palataran harepan nyampak
Pareng rek melakeun asih
Cai katresna gening saat
Nangunyar lambar naamparan hariwang
Ngabayangkeun tangkal kacinta
Inggis teubisa kembangan
Cai katresna puguh taya nu nyalangkrung
Nyipta implengan jeung lamunan tianggangna
Estu geus pageuh kadeuedeuh teuwasa pisah
Kajeun kalandeuh neang sagara duriat
Rek marinkeun caina keur nyebor lalakon
Najan ati kingkin kagandrung Liwung
Diri yakin tangkal cinta tumuwuh subur
Susuganan hujan datang nulungan
Maseuhan rasa sangkan laksana kahayang


Kasih illahi

By : DV.ms
Untaian kata indah
Tak cukup buatku ku memuja
Sadariku akan maha besarnya
Tiada tuhan selain allah
Rangkaian nada harmoni
Melodi pengiring hati
Tak mampu mewakili jiwa
Tapi keyakinanlah
yang mengerti akan keagungannya
Manusia karya sempurnaNYA
Yang patut luluh dan tunduk
Lagu seruan kalbu ku nyanyikan
Penuh harap dan ampunan
Sebening air
Pasti bernoda
Selembut  angin
Tentu menebar debu
Puja-puji ku hanya bagimu
Kuserahkan sagalanya
Berharap Kasih illahi
wahai maha pengasih



Kasapih Wanci

By : DV.ms
Nawanci indung peuting
Angin dumalinding seungit
Halimun turun lalaunan
Nyimbutan wujud satangtung
Jaladara datang mawa talatah
Kedal rusiah ka kingkilaban
Taya lian balaka waas ka pajajaran 
Nu leungiteun tapak laratan
Leuweung leungiteun keueungna
Mangsa ngaguar tanah sunda ayeuna
Puguh geus leungiteun nyundana
Lamping ceurik sedih kingkin
Neuteup reueus kalandeuh
Huleng jentul di luhur gunung
Nyawang ka lebah bandung
Nu geus leungiteun tangtungan
Harianeun kanu lumaku
ngarusak teh bebeakan
Raga ukur dipayungan langit
Ngan bisa ceurik teu wasa kumaha,
Ngan ukur diuk na tunggul kai
tapak nuar kamari,,, 
 
 

Album Pertama Sapta Lampah



Setelah beberapa bulan berusaha untuk membuat sebuah karya, akhirnya sebentar lagi akan segera diterbitkan album pertama sapta lampah, yang akan menjadi pelopor bagi karya-karya seni musik SMKN 1 Majalaya.
Bila berminat silahkan hubungi langsung :
kang devi : 08990246888